Ku: H Dede Asy’arie
POE kamarina, dahuan uing nu sok disarebut si Uwa ku barudak, ti rebun-rebun keneh geus nelepon nitah gancangan ka Pos Wetan, minangkana mah “Markas Besar” paranti tingrariung angkatan Cetuk huis. “Gancangan Ji, tukang sampeu geus ngadagoan” si Uwa nitah gura-giru ka wetan.
Ari kitu tea mah bongan uing keneh timemehna peupeujeuh ka si Uwa hayang Bubuy Sampeu keur nyaneut isuk-isuk! Ku si Uwa disanggupan da cenah meh unggal poe Tukang Sampeu sok ngaliwat kadinya.
Titatadi ge geus siap uing mah da geus papadon ka si Uwa yen poe isukna, rebun-rebun keneh ge, uing hayang geus manco hareupeun hawu anu aya di Pos Wetan, ngan kusabab indung barudak, eh moal nyebut indung barudak ketah ayeuna mah rek nurutan Ki Emil we, deuk nyebut si Cinta!
Ambeh atoheun jeung katingalina siga ngarora keneh…heuheuy deuh! Tah kusabab si Cinta deuk miang jeung ibu-ibu baladna keur sarakola di SMA, ka Gunung Padang, nya wayahna kudu ‘bersabar ria’.
Pan geuning ari ibu-ibu mah dangdosna ge tara kirang ti satengah jam, teu acan konfirmasi “Metcing” atanapi henteuna anu biasana tara kirang ti tilu dugika opat uihan. Matak sakitu tatahar ti satengah genep teh, nembe kelar jam tujuh kirang saeutik! Jadi kaluar ti imah mah bareng, si Cinta ka beulah kulon gang, uing ka wetankeun.
Mapay-mapay gang leutik ti Gang tangkorak ka Gang Akeng, kurang leuwih duapuluh imah, bras ka jambatan. Tah gedengeun pisan jambatan aya Pos Ronda nu geus puluhan taun. Lalangitna geus hideung, bubuhan unggal poe tara aya eureuna hawu dipirunan.
Barang jol ge, geus disampakkeun Bubuy Sampeu na luhureun salambar daun cau ku Ki Enid. “Dipangnalangankeun heula ka Tukang Sampeu mah tadi ku si Encep lima rebueun” ceuk si Uwa minangka ucapan wilujeng sumping tidituna mah meureun.
Uing teu loba tatanya, bari terus gek diuk nyanghareupan bubuy sampu nu ngebul keneh. “Gula beureumna can nyitak euy” si Uwa nyindiran, uing ngodok pesak, terus mikeun duit lima rebuan salambar ka ki Enid.
Teu lila tiharita ge, geus balik deui maan Gula beureum sa brakkeun harita! Sampeuna mah apuy, ngan luarna teuas bubuhan mubuyna lila teuing meureun. Tapi da sanajan kitu oge, angger we ngaran kadaharan mah , taya anu teu ledis di Pos Wetan mah.
“Tiheula mah, ranginang jeung Opak kakaren Lebaran, anu geus lalangu tea ning, bari ting kulutus, Opak jeung Ranginang geus teu ngeunah kieu jeung make disuguhkeun sagala cenah, tapi da ledis we akhirna mah” ceuk Ba Edi anu karek jol tas usaha, bari ngaregot cai panas anu disodorkeun ku ki Enid.
Bari ngararasakeun ni’matna Bubuy Sampeu jeung Gula beureum terus diguguntur ku Cai Enteh panas bari terus dilanjut ku udud keretek , panon mah teur ngulayaban ka unggal juru tempat di Pos Wetan.
Breh katingali aya kaleng leutik, urut susu kental manis sigana mah, mani geus lestreeeeeeng hideung! Make kawat jadi siga ember leutik. “Ari eta paranti naon” cekeng panasaran. “Oh eta, paranti nyieun kopi tateh, digodog kopi jeung gulana didieu mah tara ditinyuh” ceuk si Uwa anu harita keur masang-masang bidak luhureun papan catur.
“Waduh mani dzolim kacida tah, teu cukup ditinyuh tapi kudu digodog nyah?” cekeng bari seuri. “Hahahahaa…..keun bae lah disebut dzolim ge nu penting mah rasana ajiiib, ari haji sok ngopi keneh tara?” ceuk Wa Encep anu geus ngajemprak, siap ngalawanan si Uwa.
“Nya osok atuh ari aya mah” cekeng bari hayang apal kumaha prak-prakanana nyieun cai kopi a’la Pos Wetan. “Nid pa haji pangnyieunkeun kopi, sina ngarasaan kumaha ni’matna kopi dzolim teh” ceuk Wa Encep bari ngaheheh.
Jadi Prak-prakanana nyieun ‘Kopi Dzolim’ teh nyaeta mimiti gula jeung kopi dihijikeun dina kaleng anu geus lestreng tea terus ditinyuh ku cai ngagolak, terus digogog deui, tos kitu kakarek dieurihkeun kana gelas.
“Tuh nya bedaaaa, beresih bari euweuh busaan, heg coba rarasakeun kumaha rasana tah ‘Kopi Dzolim’ teh” ceuk Wa Encep bari tikerung-kerung ningali Raja geus katalikung. “Ooooooooh jadi kitu, cai kopi made in Pos Wetan teh” uing ngagerentes, bari terus niupan gelas nu dieusi cai kopi anyar ninyuh bieu.
Rasana “Kopi Dzolim” tea bener-bener ni’mat , asa……….Cai Kopi weeee!!! Sakitu heula we nya, insha Allah kin diguar deui. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam! (*)