Ku: H. Dede Asy’arie
KAMARI mah hayang seuri ongkoh, era ongkoh ku indung barudak. Eta hudang sare langsung muka kulkas terus nyokot botol cai herang tiis, langsung leguk-leguk mani ngalegedep kana tikoro anu gugah kulem. “ Eta nanaonan si Abah, batal atuh puasana!,“ Indung barudak ngagebah. Langsung istighfar bari nyimpen deui botol cai kana jero kulkas.
Bet jadi ras inget ka almarhum adi misan basa bulan puasa sawatara welas taun katukang. Harita masih keneh sok remen ulin ka Pemda, sok resep ngariung di Press Room atawa nalongkrong di tepas Kantor Humas di hareup bari niis. Bulan puasa harita kaasup keur usum panas ngan poho deui taunna mah.
Harita keur panas nongtoreng, tikoro mani asa garing dibawa papanasan, letah ge mani asa pararait. Mani kacipta ciherang tiis tina kulkas, pantes pisan keur ngubaran hanaang siga kitu. Harita masih keneh ngaradeg kantor-kantor di lungkungan Setda Kabupaten Cianjur.
Na teras Kantor Bagean Humas Setda Cianjur (tiheula mah Bagean Keuangan Setda Kabupaten Cianjur) geus ngajajar para ‘ pejabat Tlteras’ (Lalandihan keur nu sok resep nalongkrong na teras kantor pemda). Ngahaja ngariuhan bari ngarumpi silih sawer informasi. Angin leutik ngahiliwir, ngusapan kesang, karasana mani asa di jero rohangan nu make AC.
“Lain euy, sayah tadi kapohoan, turun tina angkot kapanasan, bus ka jero imah, langsung nyamber botol cai tina kulkas, geus wareg karek inget keur puasa,” ceuk dulur uing, almarhum Ki Iin, aktivis LSM mani segut naker. Nu sejen ukur ngalokan. Aya nu nyebutkeun milik, aya oge nu nyebut api-api we cenah tamah geus teu kuat hayang nginum tina angkot keneh.
“Dek kekedna ge, teu inget saeutik-eutik acan keur puasa uing teh,“ Iin nembalan mani sewot. “Nya milik we tamah, nyaaheun Gusti Alloh ka ente bisi langlayeuseun matak dibere poho weh. Pan teu batal ieuh masing nginum sajariken ge ari poho mah,” cekeng mangmeunangkeun almarhum.
Dibanding jeung nu karandapan ku uing mah, can aya sakeprulna meureun. Uing ge ngalaman kapohoan nu kacida. Harita masih taun 74-an awal. Biasana mun rek munggah teh geus tatahar keur ‘kuramasan’ nyaeta adus atawa beberesih dina raraga nyanghareupan poean shaum isukna. Harita mah kajonggjonan, meunang pancen nagihan nepika wewengkon Kabupaten Bogor. Teu kabagean taraweh-taraweh acan da datang ka imah ge ampir satengah duawelas peuting. Mangkaning isukna geus dipapadonan kudu ka Tasik bari memehna kudu nganteur heula emang uing balanja keur kaperluan di toko emas.
Hudang kabeurangan. Salat subuh ge meh jam genep isuk. Puguh deui ari dahar sahur mah teu kabagean pisan. Jam genep leuwih saeutik geus camperego jeung emang uing hareupeun toko Kelom Geulis megat superben ka Bandungkeun. Teu siga ayeuna, loba beus nu make AC atawa mobil rentalan harita mah masih beunang keneh diitung ku ramo. Keur usumna beus Padasuka jurusan Cianjur- Ciranjang–Cipeuyeum tea. Jaba teu ting salebrut deuih ngajalankeunana ge.
Satengah sapuluh karek tepi ka Bandung. Nu didatangan harita tukang perhiasan mun teu salah mah di wewengkon Dulatip. Tikoro mani asa garing. Rek eureun di tukang sirop teu wani pok ka emang uing bari angkenan teh piraku teu disuguhan ieuh. Jol kanu dituju, sakitu ngobrol salila-lila jeung milihan barang perhiasan leuwih ti dua ons, nu ditungguan titatadi teu nonghol keneh, lapur nepika pamitan ge, teu sagelas-gelas acan cai nu disuguhkeun. Padahal hareupeun imahna katingali aya warung sirop. “Dasar sudagar pelit,“ ceuk hate kukulutus.
Nu kabayangkeun es jeruk. Engke lah sakalian ka Tasik cek hate. Beres balanja kowi (paranti ngancur emas ), emang mah langsung ka Kebon Kalapa deuk kana beus ka Cianjurna. Sorangan mah nuju ka statsion kareta api da Stamplas oplet harita mah masih di hareupeun stasion Bandung keneh. Barang nepika stamplas oplet ge langsung asup ka warung nasi pesen limun jeruk ‘Green Spot’ . Tidinya langsung pesen gule jeung sate lima tusuk.
Beres dahar asa hanaang keneh. Pesen deui es limun sarua siga tadi. Keur ngararasakeun ni’matna udud keretek samsu kabeuki nu baroga warung tinggerendeng ngadongeng jeung tukang warung nasi Padang gigireunana. Najan make basa manehna ge da kaharti maksudna mah kira-kira kieu. “Mani bebas kieu nya di Bandung mah. Mun di saya mah meureun teu geus diamang-amang bedog ku masyarakat wani ngaroko di luar waktu bulan puasa kieu mah,” cenah make basa manehna.
Gebeg teh. Karek nyadar yen harita teh poe mimitian puasa. Era sorangan, udud gancang dikusek-kusek kana asbak. Ret kana es jeruk nu tinggal satengah gelas deui. “Eh na aya ku kabina-bina teuing poho teh,” ceuk hate . Eta meureun pedah peutingna teu milu taraweh jeung teu milu dahar sahur. Bari apan ari kaayaan di Bandung harita mah bulan puasa ge sarua we jeung bulan-bulan sejenna. Warung nasi mararuka, nu dagang kadaharan bebas, nu ngaroko di jalan ge teu eraeun teu sing. Beda jeung ayeuna harita mah, matak asa lain bulan puasa we. Waktu didongengkeun ka kolot sorangan ukur mesem. “Ari poho dina bulan puasa, komo nepika kitu mah anugrah ti Allah Subhanahu Wa Ta’ala kaasupna,” saurna tandes pisan.
Sakitu geus puluhan taun kaliwat , angger we masih sok kabayangkeun kajadian harita. Wilujeng ibadah Shaum ka sadayana, Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)