Ku: H Dede Asy’arie
GEUS lila tara nulis sual per-nguseup-an, matak titatadi geus tatahar deuk nulis carita Uwana barudak nguseup di Muara Cibalagung, basa memeh kakeueum ku Cirata tangtuna oge.
Ngan duka kumaha, indung barudak make jeung ngaharewos sangkan uing nulis sual kaberesihan, geus lila teuing cenah tara ningali tulisan sual kaberesihan.
Nya tangtuna ge eleh deet we ari ngaranna ku indung barudak mah, tara aya nu teu nurut. Jadi ke deui we nya ngadongeng per-nguseupan mah, ayeuna mah urang kaditu–kadieu heula we, urang nulis sual kaberesihan we nya, anu penting aya pakuat-pakait jeung Cianjur saheula anan.
Kebeneran poe Jumaah kamari, uing ngabandungan barudak karang Taruna RT I/RW 19 keur beberesih dilingkungan ka Er Te an, “Gerakan Jum’at Bersih” ceuk barudak mah, sasapu atawa mulungan runtah anu aya dilingkungan RT I/RW 19 Kelurahan Muka, pangpangna sapaparat jalan gang.
Unggal ngaliwat ka imah warga sok sakalian nanyakeun bisi aya runtah piceuneun, sakalian diarangkut ku barudak kan gorobag runtah keur dippiceun kana tempatna di bak penanmpungan sampah sementara peuntaseun sakola BPK.
Kataji pisan ku kahayang jeung kadaek barudak, geuning lain ngan saukur araktif dina pangajian jeung olahraga wungkul, tapi oge paduli jeung daek beberesih dilingkunganana.
Uing jadi kagagas deui waktu taun 82-an, mimitian ngasuh barudak Karang Taruna Masjid Al-Falah di Warujajar. Harita oge, barudak Karang Taruna teh, baroga inisiatif sorangan, hayang aya pangajian rutin mingguan khusus keur Karang Taruna, hayang dialajar Bahasa Arab, Bahasa Inggris, ngan anu paling kataji keur waktu harita, nyaeta gagasan barudak pikeun nyieun kagiatan beberesih lingkungan anu diayakeun 2 (dua) kali dina saminggu nyaeta dina poe Jumaah jeung poe Minggu. Kagiatan beberesih dina poe Jumaah, dilaksankeun ba’da sholat Jumaah, beberesih lingkungan anu sabudeureun Masjid Al-Falah kaasup susukan anu aya deukeut masjid.
Minangka “Panglima” na barudak unggal kagiatan nyaeta Ki Miming (tos almarhum ayeuna mah), pamuda anu keur meujeuhna belekesenteng, pinuh ku sumanget keur kamajuan pamuda Al-Falah.
Kagiatan dina poe Minggu mah, garapanana leuwih lega, malah nepika peuntaseun jalan sagala anu kaasup ka wilayah ka RT/RW an nu sejen, malah nepika susukan Cikowak oge kagarap. Jaman harita can ususm anu disebut Piala Adipura, da mun teu salah Bupatina teh nyaeta kersana Bapa Haji Insinyur Adjat Sudradjat.
Kungsi dina hiji kagiatan, mun teu salah keur poe Minggu, harita barudak keur meresihan susukan deukeut Rumah Sakit (anu ayeuna Dinas Kesehatan), harita pa Bupati Adjat Sudradjat, duka mulih timana ngan ngalangkung ka jalan Arif Rahman Hakim, ningali aya kagiatan para pamuda , mobil dinesna liren, teras sareng ajudanna, Erick Pasaribu, ningali barudak anu nuju meresihan susukan tea.
Anjeunna ukur imut bari ngacungkeun jempolna ka barudak. Ku sakitu ge, mani aratoheun kacida barudak mah, asa dihargaan ku Bupatina meureun.
Tah kadieunakeun, nuju jaman bupatina kersana bapa haji Insinyur Arifin Yoesoef, aya program anu disebut program Adipura. Jaman harita anu disebut kagiatan beberesih lain ngan saukur poe Jumaah, tapi unggal isuk samemeh kagiatan kantor, geus puguh ari dilingkungan masyarakat mah, jaman harita meh unggal imah beberesih dilingkunganana.
Miceun runtah teu bisa sagawayah, kaasup anu dijero tutumpakan naha mobil pribadi atawa mobil umum teu bisa kawas ayeuna, mun aya runtah lung we, dipiceun ka jalan sangeunahna!
Dibaroro ku ema-ema jaman harita mah, siga kajadian di Panembong, aya mobil ti luar kota miceun cangkang Cau tina mobilna, langsung dibaroro ku ema-ema, mobilna disetop ku pulisi, tuluy sina balik deui nyokot cangkang Cau anu dipiceun tina mobil manehna tadi!
Alhamdulillah, harita Kabupaten Cianjur unggal taun sok kasinugrahan Piala Adipura, malah kadituna mah ku ayana semboyan Cianjur Bersemi, (Bersih-Sehat dan memikat) dina kapimingpinan Bupati H Eddy Soekardi Kabupaten Cianjur kantos kasinugrahan Piala Adipura Kencana unggal taun salami 5 (lima) taun.
Mun ras kadinya, jadi asa hayang deui, kagiatan beberesih lingkungan di Cianjur teh, diramekeun deui, najan enya ge geus teu aya program Adipura, keun we da kaberesihan jeung kabersekaan rahayat Cianjur mah keur urang Cianjur keneh. Leres teu? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)
