Ku: H. Dede Asy’arie
SIGANA bae moal aya anu bireuk deui kanu ngarana buah takokak, ngaran hiji tutuwuhan siga buah leunca, ngan pedah kulit buahna leuwih kandel jeung rasana leuwih peuheur. Cenah ceuk beja mah ti Amerika Selatan asalna pepelakan eta teh.
Duka kumaha buah anu dina bahasa Latin disebut Solanum Torvum bisa aya di tatar Pasundan. Anu puguh mah takokak kaasup salah sahiji lalab anu dipikaresep ku urang Sunda. Komo cenah lamun dicoelkeun kana sambel tauco atawa dipasak make samara tauco.
Aya nu ngabejaan, cenah mun nyareri awak atawa nyeri suku alatan ku panyakit asam aurat bisa disareatan ku buah takokak. “Eta mah bade dikulub, bade diatah, malih diasakan oge teu sawios,” ceuk tatangga anu ngabejaan.
Langsung we ka indung barudak dipapadonan supaya neangan buah Takokak ka Pasar . “Urang pesen we ka Teh Neneng enjing. Bade dipasak kumaha?,” ceuk indung barudak bari jongjon nilepan pakean anu karek dijait tina popoean.
Harita anu kacipta sayur takokak make bungbu tauco. “Meser atuh taucona ka toko Cap Meong,” ceuk indung barudak bari cengkat mawa baju meunang nilepan ka wadah istrikaeun.
Geus dua poe tisaprak nyarita hayang sayur takokak make bungbu tauco , angger di dapur can katingali aya buah takokak. Alesan indung barudak mah, Teh Nenengna can kaparengan manggihan nu ngajual takokak.
Antukna mah uing menta dianteur ka tatangga ngahaja rek meuli tauco Babah Tasma di Warung Cap Meong di Jalan HOS Cokroaminoto bari rek terus neangan takokak ka Pasar Bojongmeron. Alhamdulillah, di Pasar Bojongmeron kabeneran pisan aya anu ngajual. Eta ge kari dua beungkeut deui. Malah harita sakalian meuli tomat hejo jeung cabe hejona. Taucona geus meuli tadi ti Toko Cap Meong bari ngaliwat.
Uing mah harita langsung dijajapkeun ka PWI sawatara. Takokak jeung taucona dititipkeun ka tatangga sina dibikeun ka indung barudak di imah. Balik ti pagawean teh, geus liwat maghrib, da aya hanca pagawean. Geus kacipta we engke bakal sangu haneut jeung sayur takokak bungbu tauco tea. Kacipta ngalimedna, komo mun seug aya goreng teri atawa japuh. Beu!.
Sadatang-datang ka imah, langsung cucul-cucul, ganti baju ku pakean sapopoe di imah, calana pondok, jeung kaos oblong nu geus lalayu sekar. Ngan palebah deuk daang, indung barudak sasadu, cenah can kaburu masak da nguruskeun heula cai anu teu daek ngocor. Buah takokak masih keneh dibeungkeutan, numpuk di jero kulkas.
Alhasil poe harita cita-cita daang sangu haneut jeung sayur takokak ukur aya dina lamunan. Hareupeun uing ukur ngabarak sayur tahu jeung sayur endog balado ditambahan kurupuk jeung lalab sambel.
Poe isukna sayur takokak make bungbu tauco geus kapopohokeun. alah sorena kalah ngadon ulin ka imah budak di Perumahan Arwinda. Anu tadina deuk balik sore, kalahka jadi ngendong da budak ngeukeuhan kudu ngendong sabab salakina keur aya acara sakola cenah , kudu meuting di Cipanas.
Balik ngendong ti imah budak, uing langsung ka pagawean, teu nyimpang heula ka imah. Balikna saperti biasa memeh maghrib bareng jeung Asep Ruslih. Sayur takokak mah geus ngancik-ngancik acan dina lelembutan. Malah datang-datang ka imah ge langsung menta dipangnyieunkeun mie rebus ka indung barudak.
Isukna waktu keur jongjon ngopi, jol kapikiran deui sayur takokak make bungbu tauco teh. Uing langsung nyarita ka indung barudak nanyakeun sual sayur takokak tea, indung barudak ge langsung sasadu. “Urang pasak ayeuna we nya,” cenah bari ngaleos ka hareup rek nyokot takokak dina jero kulkas.
Teu lila ge geus balik deui mawa dua beungkeut Takokak. “Tos barau kieu geuning. Bisi kuma onam ah,” cenah bari ngabebeskeun takokak kana wadah runtah.
Uing ukur nyenghel, da munasabah atuh geus sababarha poe na jero kulkas rek teu buruk kumaha. Uing teu eleh geleng langsung menta dianteur ka tatangga, neangan deui takokak di pasar Bojongmeron. Kabeneran pisan nyampak.
Poe eta keneh langsung ku indung barudak dipasak, takokak jeung cabe hejo ditambah tomat hejo dibungbuan tauco Cianjur. Cita-cita daang jeung sayur takokak make bungbu tauco ahirna kalaksanakeun poe harita. Enyaan mani ngalimed pisan daang sore poe harita mah. Alhamdulillah ! Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)