Ku: H Dede Asy’arie
IEU carita geus heubeul, duka sabaraha taun katukang, ngan anu puguh uing masih keneh inget pisan malah kacipta keneh ngeunahna kadaangan parasmanan anu disuguhkeun harita. Mun teu salah, harita teh, hajat syukuran H Adjat Sudradjat, alumni ti Pasantren Cipasung, di imahna, di Bandung.
Kacida ni’mat karasana daang tina Parasmanan poe harita mah, mani asa kakaraeun, padahal uing mah paling wegah lamun seug daang tina parasmanan dinu hajat.
Tadina mah teu pati hayang malire kana kadaangan dina hajatanana, da ku irongan moal jauh tinu biasa, malah ka indung barudak mah geus ngaharewos, keun we daang anu “enyaan” na mah engke di Warung Nasi Bancakan, ayeuna mah asal katingali ngantri parasmanan we, ngahargaan nu boga imah, indung barudak ukur unggeuk da geus apal kana kabiasaan uing tea.
Ngan barang ningali babaturan anu geus tiheula ngantri, kaciri dina piringna aya Empal Daging, Goreng Sukri (Suuk & Teri), Sambel, jeung Semur Jengkol…!!! Atuh puguh we, uing mani curinghak, ret ka indung barudak anu ningalikeun tanda ‘jempol’.
Bener teu nyangka sacongo buuk, ‘Menu’ parasmanan harita bakal saperti kitu, persis anu diwang-wang engke di Warung Nasi Bancakan tea! Sumanget pisan uing jeung indung barudak waktu ngantri dina parasmanan harita.
Barang srog hareupeun idangan, teu we surak b akating ku bungah. Aya Goreng Empal, Goreng Tempe Bacem, Goreng Tahu, Goreng Sukri, Goreng Asin Gabus anu laleutik, Aya Sayur Asem Sayur Lodeh, Sambel Tarasi, Sambel Tomat, Lalab kumplit tina atahan saperti Terong, Jaat, Leunca, Daun Tespong, Pohpohan, terus lalab seupan kayaning, Daun Gedang, Daun Sampeu Jeung sajabana, anu pangnyongcolangna mah nyaeta ‘Semur Jengkol’.
Sigana ceuk bohongna ieu mah, kakarek saumur nyunyuhun buuk, daang dinu hajatan, ni’mat kacida siga harita…!!! Ni’mat lahir sinareng bathin ceuk indung barudak mah. Ni’mat lahir, kacumponan kahayang letah, ni’mat bathin , ningali “Menu Asli Sunda” anu midang dina kariaan anu kawilang gedena.
Geuning teu matak turun ajen, aya gegeden hajat gedean, bari menu parasmanan teu ngiblat ka nagri deungeun. Geuning katingali mani sarugemaeunana anu haladir disuguhan parasmanan make menu Sunda! Teu katingali anu caman-cemen, anu ngan saukur ngasaan, katingali unggal piring eusina pinuh, bari taya anu nyesa ari lain badul Jagong tina Sayur Asem mah.
Matak kamari waktu adi uing deuk Hajat Syukuran Pernikahan budakna anu lalaki, uing papadon , sangkan engke dina parasmanan make “Menu Sunda” saperti anu dipidangkeun dina hajatan syukuran Adjat Sudradjat di Bandung tea, da kabeneran harita ge adi uing kaondang da sarua alumni ti Pasantren Cipasung.
“Keun bae deuk diaromongkeun ku batur oge, nu penting tingali engke, kapake mana menu asli pituin urang Sunda jeung menu anu biasa sok diparake anu ngiblatna ka bangsa deungeun” ceuk uing make jeung nyeuneu sagala, eta ku gergeteunana ka bangsa urang anu mani siga ‘lingsem’ pisan mun nembongkeun “Ka-Sundaan” teh….!
Alhamdulillah, adi uing nurut kana sakumaha anu dicaritakeun, dina derna hajat syukuran, menu anu dipidangkeun estu ‘Menu Sunda’ persis sakumaha anu dipikahayang ngan diembohan ku ‘Menu Karedok’ wungkul. Dina derna kariaan ku uing ditalingakeun, anu dalahar, da puguh ge kalolobaanana mah urang Sunda jeung dina ayana oge anu lain urang Sunda da geus lila nganjrekna di Cianjur, geus biasa kana kadaharan urang Sunda.
Nyata geuning, “Menu asli” urang Sunda, keur urang Sunda ,akur jeung letahna urang Sunda. “Tah ieu mah, cocok pisan sareng ‘selera’ abdi, nembean abdi mah dina parasmanan hajatana aya menu sapertos kieu!” ceuk Anto pamaen Organ tunggal anu ngahibur dina acara hajatan harita.
Uing ngahaja ngupas ngeunaan “Menu Sunda” dina parasmanan hajatan, malah mandar, sasieureun sabeunyeureun, aya mangfaatna, sugan we anu arusaha kana ‘catering’ anu sok dipesenan keur hajatan, kageuing ka-Sunda-an nana. Sugan we engke mah jadi kabiasaan anu beh dituna sing jadi “trend” anyar anu jadi kareueus anu hajat mun menu parasmananana ku Menu anu Nyunda.
Saha anu apal nya para sadaerek sadayana? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)