bewaracianjur.com
Terpercaya, Terhubung, Adil Sejak Dalam Pikiran

MENGBAL DI JALAN

0

Ku: H Dede Asy’arie

POE Sabtu bulan kamari, dina hiji sore, kudu nganteur incu hayang ulin di City mall. Resep ningali Air mancur anu aya diluara parkiran City mall.

Asup ka Jalan Salakopi, geus meh sariak layung, lampu-lampu jalan geus diharurungkeun. Mani karasa endah kacida ningali jalan Ir H Juanda atawa Salakopi harita, najan loba kesel lantaran asa mindeng ngalaunan malah eureun lantaran macet da loba teuing kendaraan.

Aya gerentes jero hate, baheula mah asa teu kacipta bakal pikieu-eun Cianjur teh. Uing jadi hayang nyaritakeun kaayaan Cianjur waktu jaman uing keur budak!

Jaman keur can aya jalan By-Pass (Dr Muwardi), can aya jalan Jebrod, komo deui jalan KH.Abdulah bin Nuh. Jaman teu hese meuntas jalan, da mobil jeung motor na ge ngan saeutik.

Mun geus deukeut ka  sore komo geus peuting mah, galah pepe, atawa maen gobag sodor teh apan ditengah jalan! Enya di tempat uing di Warujajar, da sarua ditempat sejen ge ari lain di jalan raya Bandung mah, bubuhan liliwatan kendaraan antar kabupaten eta mah.

Coba ayeuna, rek meuntas jalan di Pasar Suuk we contona mah, lain sakali duakali, kudu nungguan nepika memenitan bakat ku ngaleut na kendaraan. Ari ayeuna mah lain sieun ku mobil, ku treuk atawa ku beus mun meuntas teh, tapi sok inggis pisan mah ku motor.

Da eta ning nu marawa motor mah, komo budak nu kakara bisa, sarapat-serepet nyiap timana wae, sakitu mobil dihareupeun geus eureun ge, teu engeuh kanu rek meuntas. Untung teu sawan ge!

“Asa jaman urang baheula mimiti ulin ka Jakarta nya?” ceuk ki sobat deui bari teu weleh seuri, kacipta keneh meureun uing jeung manehna ditambah babaturan hiji deui, arulin ka Jakarta, teu pira hayang nyaho Monas bari hayang meuli sapatu di Pasar Senen.

Nu kacipta keneh teh, waktu rek meuntas,da can aya jembatan penyebrangan tea harita mah, mani meh-mehan bolay meuntas bakat ku sieun! Katingali meureun ku hiji kolot aya barudak kampung bau lisung nu kakarek nyaba ka dayeuh, sarepa bakat ku sawan ningali pabaliut mobil di Jakarta, nya di pangmeuntaskeun we pamustunganana mah ku eta kolot da watireun meureun tidituna mah.

Related Posts

Rek teu sawan kitu kumaha atuda apan di Cianjur mah harita nu boga motor ge bisa keneh diitung ku ramo, komo deui nu boga mobil, paling jalan teh pabaliutna ku sado, delman, beca atawa ku bemo, ari ieu di Jakarta ! mobil jeung motor pasulibreng bari tararik lumpatna, jalan lega! Ari uing tiluan, masih keneh barau lisung can apal titincakan di Jakarta.

Matak pantes we rek sawan kuya ge! Kajadian harita taun 1960-an. Ayeuna geus taun 2018. Ramena jeung macetna kendaraan, sigana leuwih ti jaman di Jakarta waktu taun 1960-an.

Pun biang mah, nepika ngahaja we hayang dipangneangkeun tukang beca, padahal nu dijugjug ukur masjid beulah kulon ngan pedah kudu meuntas wungkul! Ngan, mun palebah  kaayaan ti peuting, enya uing ge ngaku, baheula mah can bruy-bray caraang siga ayeuna.

Lampu jalan di Warujajar ge, harita mah ukur meletet. Ceuk si Uwa Aboh mah ukur siga beusi beunang meuleum hurungna lampu teh! Inget keneh harita balik lalajo ti Roxy (can aya Pusaka jeung Plaza harita mah), nu dilalajoan pilem jurig, poho deui judulna mah, ngan rupa-rupa carita pikasieuneun we.

Rek kana beca, duitna geus dibeulikeun kana Soto Mang Wari di gang Rambutan. Harita, sakitu duaan jeung ki sobat, pas asup ka jalan Warujajar mah, palebah pengkolan ge ngaharuleng heula.

Jalan geus jempling, padahal jam sapuluh peuting ge encan. Lampu jalan harita ukur aya opat, di Warujajar beulah luhur, dipengkolan ka Solokpandan, di Warujajar tengah jeung di pengkolan jalan Arief Rahman Hakim ayeuna.

Lain ku lampu mercury siga ayeuna, lampu biasa nu meletet tea, lima watt sigana mah. Mangkaning apan sajajalan harita mah tangkal mahoni nu sagede-gede munding bareuh teh, masih keneh rajeg sisi jalan.

Jadi kumplit pisan, dua barudak nu barorangan, ditambah tas lalajo pilem jurig asup ka jalan Warujajar nu jempling bari ukur dicaangan ku lampu jalan nu meletet, ditambah ku rajegna tangkal mahoni nu dipapantesna harita loba kunti nu keur ucang-angge dina luhur tangkal!!!

Harita lain babacaan maca ayat kursi, tapi taki-taki, meulitkeun heula sarung sing pageuh, terus lumpat bari gogorowokan nyanyi lagu teuing nanahaon! Balik ge da lain ka imah, tapi langsung ka masigit, ngabaur jeung barudak sejen nu sawareh mah geus aya nu tinggaluher.

Tong nanya kunaon, da ilaharna harita mah kitu, mun can, balik leuwih ti Isya, dianggapna ku kolot mah terus marondok di masigit sabab sieun kabeurangan hudang Subuh, pan sok terus ngaraji Kitab Sapinah, Jurmiyah jeung Tijan ari ba’da solat berjamaah Subuh teh, jam genep karek baralik ka imah, mandi, ganti baju, mumuluk terus ka sakola.

Loba keneh caritakeuneun mah, ngan moal mahi kolomna, sakitu heula we nya? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam! (*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.

google-site-verification: google1fb702fc0f365d5d.html