Ku : H Dede Asy’arie
POHO deui poe jeung tanggalna mah, harita karek beres ngariung jeung babaturan sa Es Em Pe di imah babaturan di Lambur tengah. Deuk rapat keur ngayakeun re-unian tidituna mah, nangtukeun waktu jeung tempat sarta udunan mah, geuning teu kudu lila, sapuluh menit ge beres! Kadituna mah ngawangkong sagala rupa we, bubaran soteh pedah kadenge sora Adzan ti masigit tukangeun imah.
“Paingan beuteung geus kukurubukan” gerentes hate. Harita anu dituju imah dahuan di Gang Tengkorak, bari sakalian deuk ngadon reureuh jeung milu sholat Dzuhur. Karek nepi ka buruan imahna, seungit goreng lauk asin mani nyambuang, ngeleketek kana padaharan.
“Nyieun sambel lalakina euy Ji, urang sakalian berjamaah ngawadang” cenah bari terus memeres piring nyadiakeun. “Uing rek sholat heula atuh, ulah waka der” cekeng bari gusat-gesut ka cai.
“Tong pati dienyakeun sholatna, geus lapar pisan yeuh!” ceuk ki lanceuk. Teu dipalire ieuh. Lekum-lekum gajleng teh sigana lain babasaan, da sarua geus kukurubukan menta eusi beuteung sorangan ge.
Langsung wadia balad digentraan sina nyalampeurkeun ka imah ki Lanceuk, der ngajalemprak dina samak saheulay, sangu anyar ngakeul, deungeunna ukur goreng asin Peda jeung sambel lalakina.
Lalabna mah rada euyeub oge, aya Kacang panjang jeung Roay ngora beunang ngundeur ki lanceuk tadi ti sawah, malah aya Jantung cau atah sagala. Teu kudu dicaritakeun kumaha ngeunahna mah, nu puguh karasana mani ni’mat naker dahar jeung goreng asin peda karo sambel jeung lalab roay ngora ge.
Rengse ngawadang, diguguntur ku cai enteh nu panas, baju teu sirikna jibrug ku kesang. Bari tingpelenyun udud keretek,ki lanceuk nyarita “Nu kieu pantesna dahar urang mah, teu kudu loba deungeun kejona”. Teu ditembalan ieuh da memang karasa pisan.
Enya cekeng teh, dahar ni’mat mah teu kudu loba deungeunna jeung aralus, asal keuna dina waktuna we. Siga tiheula waktu keur ngadon marak lauk di muara Cibalagung, beres ti tajug tos berjamaah solat Subuh, geus maranco hareupeun hawu bari siduru.
Jam genep isuk ge geus asak kejo di lembur mah, kapi emang kabagean nyieun sambel, sambel saaya-aya tea we teu make bawang beureum atawa tomat, ieu mah ukur cengek we sabebedan, make uyah jeung cikur gula we sagede huntu bajing.
Ari deungeun kejona ukur Teri jambrong nu didaraykeun luhureun hawu, teu digoreng-goreng acan. Tapi nu dalahar kabeh mani ngaralimed, kocapka coet urut sambel ge, nepika dikuah.
Teri Jambrong nu ukur dideangkeun luhureun hawu kocapka parebut! Duka hawa cai, atawa memang bareuki leleb, da mani prang-pring pisan beres dalahar teh.
“Pan kieu Ji, ari dahar teh aya dahar ngeunah, aya oge dahar ni’mat” ceuk ki lanceuk bari nyebutkeun nu disebut dahar ngeunah mah, mun kejona kejo beunang ngakeul, terus deungeun kejona sagala rupa pangabeuki nu aralus saperti, goreng hayam kampung, gule domba, pesmol gurame jeung rupa-rupa kadaharan nu harade,ngeunah eta dahar, ngan can tangtu ni’mat, komo mun waktuna dahar teu pas mah, contona beuteung geus wareg terus diajakan dahar, sanajan deungeun kejona siga nu tadi disebutkeun, pasti kana caman-cemenna daharna ge. Sedeng nu disebut dahar ni’mat mah siga bieu tea, waktuna keur pas lapar, nu didaharna pas jeung kabeuki urang, najan lain deungeun kejo nu harade, tapi pan mani ngalimed kitu daangna ge!” ceuk ki lanceuk bari nyakakak.
Uing ge milu seuri da enya kitu karasana. Malah pangalaman sorangan ieu mah, sok sanajan beuteung karasa lapar, mun indit kaondangan pasti balikna sok mengkol heula ka warung kejo, lain beubeulieun, ngan pasakan jeung kaolahan dinu hajat kariaan ayeuna mah sok kitu-kitu keneh, jeung jauh pisan tina pangabeuki! Sakapeung sok hayang kawenehan , dinu hajat tehe, menuna siga kadaharan urang Sunda sapopoe, ceuk paribasana mah jeun teuing karo asin jeung karedok leunca ge! Tapi da sumur-umur nyunyuhun buuk, nepika cetuk huis siga ayeuna, can kaalaman dahar dinu hajat kariaan deungeun kejona karedok leunca jeung goreng asin!
“Tadi mah dahar ngeunah jeung dahar ni’mat nya Wa, aya deui nu disebut dahar bari asa kasiksa!” cekeng bari seuri. Ki lanceuk ge milu seuri “ Ah, sok aya-aya wae, na nu kumaha dahar asa kasiksa sagala?” cenah angger seuri. Ke we nya carita sual daang kasiksa mah. Cag heula nya? Wallohualam bisshowab. Wassalam.(*)
