bewaracianjur.com
Terpercaya, Terhubung, Adil Sejak Dalam Pikiran

ANU DI CIANJUR KARI WAASNA

0

Ku: H. Dede Asy’arie

KIEU ieu teh, di Cianjur loba pisan anu baheula aya ayeuna geus teu kapanggih deui. Contona mah baheula di Cianjur masih sok katingali tukang minyak keletik dagang ngurilingan pakampungan. Kacipta keneh meureun nya siga kuma bentuk tanggungan tukang keletik jaman harita.

Nu ayeuna geus tara katingali teh nyaeta tukang patri anu dina jaman uing keur budak mah ampir unggal isuk sok ngaliwat hareupeun imah. Eta waas ku sora kecrekna bari ngajorowok; “Triiii…patriiii!!,“ cenah.

Ayeuna mah sigana mun aya anu ‘nyiram’ hayang ningali tukang patri siga anu dicaritakeun tadi, bakal lapur moal manggih masing dikulibek unggal kampung oge.

Tapi duka ketah. Anu kacipta keneh mangsa uing budak nepika rumaja, mun peuting sok megat rukang es puter anu tanggunganana melengkung atawa tukang es soda anu dagangna peuting wungkul.

Urang Cianjur anu ngalaman budak nepika rumaja di Cianjur mun lalajo di bioskop pasti kaluar ti bioskopna ngesang. Naha lalajona beurang kitu deui peuting da can usum AC siga ayeuna. Rajeun aya oge kipas angin tapi da tara karasa ieuh.

Mun pilem rek diputer, barang lampu di jero bioskop dipareuman ge geus rame nu tingsaruit atawa anu emprak. Jaman harita mah sok aya istirahat heula mun lalajo pilem teh. Lain sakali duakali mun keur anteng lalajo, jol reg we eureun ! Eta teh pegat pilemna. Matak dina layar bioskop sok aya pengumuman “Tunggu sebentar, pilem sedang disambung!“.

Related Posts

Leuheung keneh sakitu mah da lain sakali dua kali atuh keur ngeunah lalajo teu pupuguh pareum lampu, da meureun pareum ti PLN na, can marake generator listrik sewang-sewangan harita mah.

Di jero bioskop haseup roko mani mulek da teu aya larangan ngaroko jero bioskop jaman harita mah. Jaman keur budak mah bisa lalajo teh mun aya pilem khusus keur semua umur atawa keur 12 taun kahandap.

Jaman uing pangmindengna lalajo teh di Roxy (Pusaka) bubuhan deukeut ti imah. Mun ngawawarkeun pilem nu rek diputer, sok make sado ngurilingan kota bari mawa gambar pilem diunggal sisi sado terus ngawur-ngawur pamflet pilem nu deuk maen tea bari teu eurun-eureun nakolan dogdog jeung kencreng. Matak keur budak mah sok nyebutna ge sadi dug-dug cren uing mah.

Salian ti lalajo bioskop, rumaja Cianjur jaman harita karesepna maca novel jeung komik. Matak harita mah taman bacaan teh kacida lakuna. Nu masih keneh inget teh nyaeta taman Bacaan GS (Gelombang Suasan) gedengeun Rumah Bola anu jadi bioskop Plaza. Terus taman bacaan anu pa Tubroni di Warujajar, poho deui ngaranna mah. Oge taman bacaan anu di Gang mlamawar gedengeun pisan bioskop Dunia Baru.

Uing mah novel karesep teh karya Motinggo Busye, Abdullah Harahap, Marga T, Eddy D Iskandar, jeung rea deui. Mun komik mah keur budak mani pogot pisan mun maca Mahabarata atawa Ramayana karya RA Kosasih. Kadieunakeun mah loba komik silat beunang Ganes TH, Teguh Santosa, Yan S Mintaraga, Djair, Tatang S, jeung nu sejenna.

Jaman uing keur budak remen ningali, mun peuting, di Pengkolan Warujajar di emper Toko Pengkolan, sok aya tukang cikopi anu lampu semprongna sok katingali beureum. Duka dibungkus atawa ngahaja dipulas beureum.

Urang Cianjur jaman harita pasti wanoh ka hiji tokoh anu sok ‘demo’ sosoranagan bari mamawa gobang, pa Iti, anu cenah mah baheulana sobatna Bung Karno. Ayeuna uing deuk nguji ka rumaja ‘Tjiandjoer’ baheula, ari Si Uha jeung si Romli apal? cik saha eta? Sakitu heula we nya. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.

google-site-verification: google1fb702fc0f365d5d.html