bewaracianjur.com
Terpercaya, Terhubung, Adil Sejak Dalam Pikiran

DONGENG AJIB SURAJIB

0

Ku : H.Dede Asy’arie

 

LAYAR monitor salila-lila ukur dipencrong bari taya kelemeng saeutik-eutik acan deuk nulis naon poe ayeuna. Pikiran kumalayang kamana mendi. Pagaliwota teu puguh. Komo mun geus kapikiran loba bayareun mah, bahan tulisan teh langsung laleungitan.

 

Ret kana cangkir kopi, kaciri tinggal gegedohna. Tapi naon carita nu deuk ditulis angger lebeng can aya gambaran saeutik oge. Arek nulis sual politik, uing mah paling teu bisa. Rek nyaritakeun sual kriminal oge sarua kurang referensi. Antukna mah kalah gap kana hape ngadon mukaan Facebook.

 

Teu lila jol breh kacipta. Dulur uing anu jauh, tiheula sarua jiga uing baluweng cenah, taya bongbolongan nyanghareupan adina anu bedegong, galak, jeung babarian ngambek.

 

“Abdi teh pangnyaahna ka adi teh kang De, tapi kudu kumaha?. Cik pasihan bongbolongan sangkan hatena bisa lempes ulah heuras wae siga ayeuna,” ceunah.

 

Ngomongna ge meh teu kadenge kitu ge bari panonna mah siga anu malaweung. Uing ge bingung kudu kumaha. Ngan duka timana jol inget kana hiji dongeng dina hiji majalah anu kungsi dibaca.

 

“Kieu yeuh. Akang boga dongeng anu rada ajib. Regepkeun susuganan jadi bahan keur urang,” cekeng bari der nyaritakeun.

 

Related Posts

Dina hiji waktu, di dataran Cina waktu jaman karajaan keneh, aya hiji istri anu ngahaja datang ka jelema anu dianggap luhung elmuna, ngadon ‘curhat, mun ceuk istilah ayeuna mah. Eta istri nyaritakeun yen manehna kacida nyaah jeung cinta ka anu jadi salakina. Ngan hanjakal, salakina kacida galakna, sahaok kadua gaplok ceuk babasaan mah. “Kumaha carana abdi bisa meruhkeun nu jadi salaki,” ceuk eta istri.

 

Sanggeus sajongjonan, si eta jalma luhung tea nyarita. “Kieu atuh nyai, ke datang deui kadieu tapi kudu mawa buuk singa tilu lambar. Teu kaci meunang mulung, tapi kudu langsung dicabut tina awakna!,”. Puguh we kacida ngajenghokna eta istri mireungeuh syarat anu kudu ditedunan ku manehna. Tapi hatena gilig. Kumaha oge manehna kudu bisa hasil meunangkeun tilu lambar buuk singa.

 

Kacaritakeuna mah liwat sabulan eta istri datang deui ka eta jalma anu luhung elmuna tea bari mawa tilu lambar buuk Singa. “Mangga ieu nyanggakeun buuk singa tilu lambar. Langsung abdi nyabut tina awakna,” ceuk eta istri bari derekdek ngadongengkeun lalampahanana kumaha nepika bisa meunangkeun tilu lambar buuk singa langsung meunang nyabut tina awak.

 

“Abdi ngahaja ngajugjug ka guhana singa di hiji sagara pasir Gobi,” ceuk eta istri bari nyebutkeun kira-kira saratus meter tina eta guha singa manehna neundeun pingping domba anu teu lila oge langsung beak ku eta singa.

 

Poe katiluna datang deui bari mawa pingping domba. Ngan ayeuna mah diteundeunna rada deukeut, kitu deui eta ge langsung beak dihakan ku eta singa . Kitu jeung kitu we cenah, nepika eta singa bisa langsung ngadahar pingping domba tina leungeun eta istri. “Malih akhirna mah bari ngahakan pingping domba teh bari diusapan sirahna. Malah tampolana mah nepika heesna,” ceuk eta istri bari nyaritakeun dina hiji waktu mah bari diusapan buukna terus dicabutan nepika tilu lambarna bari si singana mah angger we ngaguher hees. “Tah litu lalakon ieu tilu lambar buuk Singa teh,” ceuk eta istri.

 

Jalma anu luhung elmuna tea langsung imut ngagelenyu bari nyarita . “Singa wae anu sakitu galakna geuning eta bisa dileukeunan, disabaran. Piraku salaki nyai anu lain sato galak make jeung teu bisa dileukeunan,“.

“Tah kitu dongengna mah. Cik pikiran, lenyepan, sugan we jadi bahan kaluar kana masalah anu keur tumiba ayeuna,” cekeng ka dulur uing tea.

 

Manehna ukur seuri koneng. Sanggeus ngahuleng karek nganuhunkeun bari terus pamitan. Sakitu heula we nya. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)

 

Leave A Reply

Your email address will not be published.

google-site-verification: google1fb702fc0f365d5d.html