bewaracianjur.com
Terpercaya, Terhubung, Adil Sejak Dalam Pikiran

APAL TEU ULUKUTEK?

0

Ku: H Dede Asy’arie

DEUK nyaritakeun sual kadaangan heula ayeuna mah, bae nya, nu penting nyaritakeunana ku basa Sunda ulah ku basa Inggris atawa bahasa Arab, komo ku bahasa India mah! hehehehehe…!

Tah kieu yeuh para wargi sadayana, sawatara poe katukang,teu pupuguh, isuk-isuk keneh make jeung hayang mumuluk sagala, apanan biasana oge isuk-isuk mah ukur ngopi, nyaneut Bala-bala atawa kueh jeung sajabana.

Indung barudak nawaran, bisi hayang dipangnyieunkeun Nasi goreng atawa di pangnyieunkeun dadar Endog karesep uing nu loba Bawang daunna. “Tapi ketah bilih bade sareng Ulukutek, kaleresan kamari Ebe Depi ngintun Ulukutek mani seueur ” ceuk indung barudak deui ngembohan.

Ngadenge aya Ulukutek mah, uing langsung curinghak, “Sip lah, eta we Ulukutek, tong nyeplok endog sagala” cekeng bari langsung kacipta ni’matna nyocol Ulukutek ku Sangu anyar ngakeul.

Ulukutek teh sebutan keur hiji asakan anu eusina ‘sagala aya, sababaraha asakan anu dihijikeun, dihaneutkeun unggal isuk nepika tampolana mah geus teu katingali asakan naon da sarua hideung.

Urang Cianjur mah bisana nyebutna teh Bebeye atawa Bacetrok oge sok aya nu nyebut Ulukutek. Mun urang Tasikmalaya mah nyebutna Golembrang, di Bandung umumna nyebutna Urab haseum, tapi sarua asakanana mah eta-eta keneh.

Keur coel Goreng Ulen pantesna mah da, bari ngopi isuk atawa sore, ngan Uing mah resep kacida lamun mumuluk isuk-isuk sangu nu karek beunang ngakeul diaduk jeung Golembrang alias Ulukutek bin Bacetrok teh.

Tadina mah moal menta disadiakeun keur ‘Mumuluk’ ka indung barudak teh, rek ngagidig we ka Warujajar rek ngadon ngawuduk di Mang haji Lili, ngan pas ningali kana jam anu naplok dina tembok, horeng geuning geus ampir satengah sapuluh, sigana geus moal kabagean Wudukna ge wayah kieu mah.

Related Posts

Enyaan, mani ni’mat kacida, daang isuk karo Ulukutek anu anyar ngahaneutkeun, Gorengan Suuk jeung Cengek! Uing anu sok ‘ancin’, dina harti tara loba nyiuk Kejo, paling loba satengah piring, harita mah anjog nepika nyiuk deui Kejo awahing ku ni’mat tea.

Indung barudak, harita milu manco, sarua nyocolan Ulukutek, ngan bedana manehna mah lain ku Kejo , tapi ku Goreng Ulen. Da memang atuh ilaharna oge, anu sok dipake nyocol Ulukutek, atawa Bebeye bin Bacetrok alias Golembrang atawa Urab haseum teh, lain Kejo tapi Goreng Ulen, ngan duka kumaha uing mah meureun geus kabiasaan ti bubudak, paling pedho teh mun daang isuk-isuk ku Kejo anyar ngakeul jeung Ulukutek anu geus salin jinis tina rupa asakan aslina.

Biasana anu sok dijieun Ulukutek alias Bebeye atawa Bacetrok atawa Golembrang atawa Urab Haseum teh nyaeta asakan anu dihijikeun biasana tina asakan Sambel Goreng, Ase Cabe hejo, Tumis Buncis jeung sajabana.

Unggal isuk, mun masih keneh aya sesa, sok dihaneutkeun deui, tampolana mah nepika geus teu mangrupa deui, geus keteng meh siga areng. Ngan duka kumaha, ceuk uing ieu mah, beuki lila, beuki mindeng dihaneutkeun karasana asa beuki pedho, duka mun ceuk letah anu sejen mah.

Sakapeung, sok ngadongeng jeung Indung barudak, sigana mun ngahaja dagang asakan, heg we aya ‘Menu’ Ulukutek jeung Goreng Ulen, asana bakal loba oge ‘penggemarna’, da geuning mun keur usum tos Lebaran, sok loba anu posting Goreng Ulen jeung Ulukutek alias Bebeye, alias Bacetrok bin Golembrang atawa Urab Haseum tea, boh dina Pesbuk atawa oge dina grup WA.

Alus kacida cenah ari palebah cita-cita mah, ngan orokaya dina prak-prakanana naha bakal kageroh kitu? “Dimana tempatna oge, geuning ayeuna mah, mani ampir unggal tempat anu ‘strategis ‘ tos pinuh dieusian ku anu daragang kuliner.

Uing ukur ‘seuri koneng’ kurang Jahe tea, da rumasa nnyarita teh asal engab, teu difikir heula, ngan pedah asa enya, di Cianjur, malah di kota-kota sejen oge tacan aya anu ngahaja usaha kuliner, ngadagangkeun olahan Lebaran atawa sesa lebaran saperti Goreng Ulen jeung Ulukutek alias Bacetrok, alias Golembrang bin Urab haseum tea.

“Keun bae atuh teu ku urang oge urang apungkeun we dina tulisan, sugan aya anu minat usaha saperti kitu , ambeh dimana urang hayang, teu kudu ngadagoan heula Lebaran atawa aya dulur deukeut anu hajat, kari meuli we ti manehna” ceuk uing sarua asal engab.

“Sae!” ceuk indung barudak bari ngajengkat ka dapur rek nyieun Cai Enteh panas karesep uing. Sakitu heula we nya? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.

google-site-verification: google1fb702fc0f365d5d.html