bewaracianjur.com
Terpercaya, Terhubung, Adil Sejak Dalam Pikiran

Budaya Deungeun Di Tatar Sunda

0

Ku : H Dede Asy’arie

INDUNG barudak anu karek balik ti Alfamart tas meuli pesenan uing nyaeta shampoo khusus lalaki, sabun mandi, deodoran jeung silet, nyaritakeun mani pinuh cenah ku barudak sakola.

“Aya sigana kana tilupuluh urang mah, eta pan ngabarorong Coklat batangan keur hadiah Valentine day pan enjing teh kaping 14 Pebruari” ceuk indung barudak bari ngaluarkeun balanjaanana.

Sakedapan rada ngahuleng, naha nya mani geus ngabudaya ayeuna mah ‘Valentine day ‘ teh, da sainget uing mah keur ngora baheula aya tara aya malah tara ngadenge anu disebut Valentine day teh. Ayeuna mah budaya batur teh mani geus narekab, malah cenah sok loba di urang ge anu ngayakeun pesta Hallowen day.

Enya mani geus narekab pisan, komo deui anu ngaran pesta Ulang Taun mah. Sigana dina kahirupan jaman ayeuna mah, asa kurang sampurna mun seug tanggal kalahiran teu direuah-reuah ku pesta ulang taun teh.

Enya oge, barudak uing atawa adi-adi uing waktu keur barudak keneh, poe kalahiranan sok direuah-reuah najan lain pesta gede, iwal ti ngariung sadulur-dulur bari terus balakecrakan, sumpahna ge , daek beunghar kabeh rahayat Cianjur, ti leuleutik nepika geus dewasa ge, Uing mah can kungsi ngareuah-reuah poe kalahiran, komo make jeung aya pesta bari ‘niup lilin’ mah.

Jadi ras inget jaman keur ngora, waktu ulin ka babaturan di Pagarsih-Bandung kira-kira taun 70 an. Harita diajak ku babaturan ngahadiran pesta ulang taun sobatna. Mimitina mah teu pati ngarumas teuing, da acarana oge ukur niup lilin jeung ngado’a keur anu ulang taun.

Kapeutingnakeun, sanggeus acara parasmanan, acarana geus teu sreg jeung lelembutan. Rohangan dihaja sina rada poek, terus lalaguan tina piringan hitam (uing mah nyebutna pelat kan piringan hitam teh), anu melo ceuk barudak ayeuna mah, tidinya der we acara ibing.

Mani tingsariak sakabeh awak ningalina ge, ari sugan ukur dina pilem barat we kalakuan kitu peta teh, hari heg geuning di Tatar Sunda ge osok pirajeunan. Ma’lum atuh koboy Warujajar, dibawa ka riungan kitu mah teu sirikna sawan kuya ceuk paribasana mah.

Resep soteh lalajo Orkes, lalajo Band, lalajo Wayang jeung lalajo pilem, ari urusan pesta anu make ibing tangkeup mah, duuuuh, wios disebut kampungan we ah! Ti saprak harita, tara daek-daek deui mun diajak ka pesta ulang taun, sieun diajakan ibing tangkeup….!!!

Uing sok mikiran, ti iraha mimitianana pesta ulang taun jadi kabiasaan urang Sunda? Naha bet nepika siga wajib hukumna mun datang tanggal kalahiran, kudu dipestakeun! Tiheula budak waktu masih keneh sakola SMA, kungsi balikna ka imah teh mani rancucut bari barau hanyir, cenah simanahoreng ku babaturanana sirahna dilumuran endog hayam terus di balanjur nepika rancucut, lantaran poe harita pas pisan jeung poe kalahiranana!

Kabiasaan jurig ti mana deui tah anu kitu patut? Aya kitu ti Walandana? “Tong aneh, ari kahirupan mah tangtu silih banjur kabudayaan” ceuk ki sobat juragan Asep Setiadi ti BTN Gunteng.
“Soal pesta ulang taun mah moal jauh manukna, pan dua satengah abad urang dijajah ku Walanda, nya timana deui, pan saprak jaman Walanda sok aya nu kariaan pesta ulang taun mah” cenah mani siga anu enya.

Tina sual kadaharan wae, ceuk ki sobat, loba pisan kadaharan anu jolna lain ti urang. Roti teh ayeuna mah geus ilahar, tapi memeh aya Walanda mah, cenah, can aya anu ngaran roti. “Loba pisan kadaharan jeung kabiasaan urang anu sabenerna lain ti urang asalna” ceuk ki sobat deui bari nyebutkeun sabaraha rupa kadaharan anu geus ilahar di urang.

Padahal sabenerna lain ti urang saperti Baso, Bacang, Martabak, Cap Cay, Karoket, Lumpiah, Bapia, Sio may malah cenah bubur hayam ge asalna mah lain ti urang. “Pan loba urang asing anu geus jaradi warga nagara urang saperti ti Cina, India, Arab, atawa ti Eropa jeung sajabana. Tangtuna we, ceuk ki sobat, kabiasaan manehna dipake di urang jeung diwawuhkeun ka bangsa urang nepika urang ngarasa yen eta kabiasaaan dahareun ti bangsa luar geus asa kadahran urang sorangan.Salian ti anu disebutkeun tadi, cenah masih loba keneh kabiasaan jeung kadaharan anu asalna ti batur anu geus dianggap kadaharan urang.

“Sok we urang bandungan, barudak ayeuna mah pan mani geus bariasa deui kana kadaharan luar saperti Fried Chicken, Spaghetti, Pizza, Hot Dog, Kebab, Burger, Steak jeung anu sejenna” ceuk ki sobat bari mencetan remote control neangan saluran anu nyiarkeun ibadah di Masjidil Haram.

Keun bae cenah, ari ngan saukur tina kadaharan mah, ngan eta we barudak urang sok gampang gehgeran ku kabiasaan batur anu can karuhan akur jeung adat budaya urang. Anu panghesena disinglar mah, ceuk ki sobat, kabiasaan urang unggal ahir taun. “Mani geus obyag ti memehna, ari deuk nyanghareupan taun anyar teh, anu mareuli keur beuleumeun kayaning lauk, jagong atawa daging keur sate eun” ceuk ki sobat bari ngembohan, geus puguh cenah anu mareuli tarompet jeung kembang api mah.

Uing masih keneh jauh panineungan, keur mikiran timimiti iraha di urang aya kabiasaan mapag taun anyar bari jeung obyag alahbatan mapag maleman Lebaran. Manawi aya anu uninga atuh? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam! (*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.

google-site-verification: google1fb702fc0f365d5d.html