Ku: H.Dede Asy’arie
UING mah ngahaja nulis carita sual tunduh pedah geus meh unggal peuting hese pisan panggih jeung sakadang tunduh. Jadi ampir unggal peuting loba keneh nyileuk batan hees da sakadang tunduhna mani linghas pisan ayeuna-ayeuna teh.
Tah nyaritakeun sual tunduh, sarua hayang datang tunduh jeung ngalawan rasa tunduh. Ku anu teu apal elmuna siga uing mah lapur we. Hayang sina datang tunduh hese, hayang ngalawan tunduh sarua teu bisa.
Peuting tadi oge, ceuk papatah sobat uing, cenah lamun hayang tunduh mah suku dikaluhurkeun meunang 10 atawa 15 menit mah, insya Allah Tunduh bakal datang. Tapi duka kumaha peuting tadi mah sakitu geus tilu kali suku dikaluhurkeun angger we teu daekeun tunduh. Bisa hees teh isuk-isuk beres sasarap.
Majar ayeuna mah urang khusus nyaritakeun kumaha ngalawan tunduh we nya?. Ceuk Asep Ruslih mah, Hercules oge anu cenah manusa satengah dewa , anakna Dewa Zeus tea ceuk kapercayaan urang Yunani mah, moal kuateun mun kudu ngalawan tunduh mah. “Hiji-hijina cara keur ngalawan tunduh mah, ukur kudu dibere bantal,“ ceuk Asep Ruslih deui bari seuri.
Uing jadi ras kana dongengna Deden Sukmayadi anu nyaritakeun aya hiji pejabat anu keur tugas ngurilingan lembur. Kabeneran cenah harita poe Jumaah. Nya dina waktuna sholat Jumaah pejabat eta jeung rombongan milu Jumaahan di hiji masjid. Tayohna bae, bakat ku cape, sanggeus sholat tahiyyatul masjid, manehna ngalenggut, komo deui bari ‘diusapan’ angin anu ngahiliwir, manehna nepika ngalenyap. Kahudangkeun teh ku sora qamat. Eta pejabat tea tuluy milu sholat Jumaah bareng jeung nu sejen bari manehna ngarasa aneh. Naha cenah di masjid eta mah teu make khutbah Jumaah?.
Beres sholat Jumaah manehna nanya ka jamaah gigireunana naha cenah memang kabiasaan di lembur eta, Jumaahan teu make khutbah jumaah. “sanes teu nganggo khutbah Jumaah pa, tapi bapa kapulesan nepika nyegrek waktos nuju khutbah Jumaah tadi,“ ceuk jamaah gigireunana.
Tah kitu mokahana kakuatan sakadang tunduh teh. Uing ge jadi seuri koneng, inget kana kalakuan sorangan. Harita keur usum Piala Dunia sepakbola, poho deui taunna mah nu jelas memeh taun 1990 an. Harita lalajo bareng jeung babaturan, malah tarohan ku tilu bungkus roko Jie Sam Soe sagala. Memeh der maen ge geus tatahar. Kopi hideung, kacang asin, ududeun, jeung camilan sejenna. Acara mengbalna harita jam satengah dua peuting. Satengah maen masih gedeg 0–0, anon geus mimiti beurat. Cikopi geus ganti kunu karek cur, tapi panon angger teu robah jadi cenghar deui.
Nongton tipi anu asalna bari sila luhureun karpet, robah jadi bari gogoleran bari nangkeup bantal hiji sewang. Istirahat babak kahiji panon geus teu bisa dibawa badami, langsung palid ka sagara pangimpian. Hudang geus caang panonpoe, atuh sholat Subuh ge jadi bareng jeung sholat Dhuha. Tarohan antukna bolay da meunangna ku cara gul-gulan cenah. “Anu matak reuwas mah Ji, tiheula ana mawa mobil ka Bandung nganteur dulur ka imahna hiji tokoh masyarakat Jawa Barat. Sapeuting jeput teu hees da milu ngobrol,” ceuk dahuan uing basa nganteur uing ka Tasik ngadarongeng jero mobil.
Beres sholat Shubuh teh cenah masih keneh nuluykeun obrolan bari sakalian mumuluk sangu goreng. Balik ka Cianjurkuen teh cenah geus manceran Panonpoe. “Harita mah can aya jalan tol , jadi balik teh ngaliwatan Cimahi,” ceuk ki lanceuk. Tah cenah palebah hiji pengkolan di wewengkon Padalarang, duka kumaha jol les we cenah, mangkaning keur nyupiran. Kahudangkeun teh cenah pedah ban mobil karasa kana gili-gili jalan. “Harita ku dulur ana dititah nyisi tuluy reureuh heula. Dititah ngalenyap duka sabaraha lila. Geus diperumkeun mah enyaan rada cenghar. Komo sanggeus nyimpang ka hiji warung di deukeut Situ Ciburuy. Ngadon ngopi mah mata teh cenghar deui,“ ceuk dahuan uing.
Ari dongeng Apih mah cenah harita ngadon nguseup di walungan Citarum mangsa taun 60-an ahir. Tepi ka tempat panguseupan di Citarum teh pasosore. Sabot nu sejen liar neangan tempat keur nguseup, si Apih mah kalah bebenah di saung leutik luhureun tempat panguseupan. Tuluy cenah si Apih nyobaan tempat sare beunang bebenah tadi, ngan meureun perbawa cape tas leumpang, teu ku hanteu sakadang tunduh ngusapan panon si Apih bari ditiupan ku angin leutik nu ngahiliwir, nya langsung we tibra.
Nu sejen taya nu wani ngahudangkeun sanajan geus waktuna nguseup. Waktu ka subuhna keun si Apih nguniang bari rarat-reret tuluy nyadar yen nu sejen mah keur aranteng jeung jeujeurna sewang-sewangan. Memang enya cenah, sigana moal aya anu bisa ngalawan kana tunduh mah deuk siga kumaha jagona jeung kuatna hiji jalma oge. “Ku Bantal landong tunduh mah teu aya deui,” ceuk Asep Ruslih keukeuh. Sakitu heula we nya ? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (*)